Total Tayangan Halaman

Jumat, 27 April 2012

CONTOH DRAMA BASA SUNDA

Sebernernya drama ini adalah drama  yang dibuat sebagai 
tugas drama Basa Sunda, sengaja sku posting di sini karena 
aku pikir akan menjadi satu hiburan untuk reader. 
Temen-temen ni drama kita aku posting , mudah-mudahan 
banyak yang suka .Amiiiiinnn....!!!!!!

 JALMA MALARAT

PALAKON:

1.Bi Eneng
2.Bi Enok
3.Bi Enung
4.Ceu Empon
5.Bi Encum
6.Ceu Entin
7.Mang Entis

          Gancang carita, dina hiji wanci, Bi Enok jeung Mang Entis keur lieur mikiran hutang .

kawih:

Mang Entis keur baluih
diudag ku nu nagih
sore-sore geus ngampih
nyiumput henteu ka panggih

Bi Enok keur teu nangan
di imah na duaan
nunggu nu kikiriman
beuteung na kekerebekan

Sajero ning kitu, datang semah nu ka hiji

Bi Eneng : Punten ! nu gaduh aya di bumi?
Bi Enok : Euleu........!meni tara tisasari..........
Bi Eneng : Urang ulin yu Bi! kaluman, ngan hanjakal teu boga duit ieu teh!
Bi E nok : Kumaha lamun di bumi abdi!?
Bi Eneng : Manga atuh , kaleresan cadoge abdi nuju ka dayeuh. (ka jero imah) Eukleuh...... gening Mang Entis.....!
Mang Entis : Aya . Mangga calik! Ngan teu gaduh kanggo nyuguhan we..... ddi dieu mah.

Teu lila ti dinya , datang deuih semah mawa kantong leutik , langa- longo ka lawang panto imah Mang Entis. 
Sigans mah urang kota lantaran pakean na rada nyeni.

Bi Enung : Punten! Nu gaduh teu nuju linggih...........?
Mang Entis :(ka tepas imah) Mangga! Euleuh....... gening aya tamu. Tapi asa tacan pernah tepang, sigana tinu tebih nyaa.?
Bi Enung : Muhun abdi teh ti Garut.
Mang Entis : Naha tebih-tebih ti Garut ka Ciwidey, tapi sumping  na teu cacandakan?
Bi Enung : Najan tebih tong diburu ngabonceng kana dolak meri. Manawi bade ngiring mondok, tinggaleun trepel.
Mang Entis : Sumangga lebet! Ngan hanjakal, teu gaduh kanggo nyuguhan. Heuheu.....!(seuri leutik)
Bi Enung : Nuhun atuh! (kajero)

Bi Enok : Saha ieu teh? Bade kamana ? kawit.
Bi Enung :Abdi, Enung, bade ka Majalaya.
Bi Enok : Oh....
               Dupi  Mang Eben ka dayeuh na kamana, Bi Eneng?
Be Eneng : Nya eta, ka Majalaya.

Keur ngararobrol kitu, aya anu ngsgeroan Bi Enok Bari ngaringkid mawa barang.

Ceu Empon : Bi Enooooooook.....!!!
Bi Enok : Kah! aya naooon.....!!!
Ceu Empon : Aya nu anyar yeuh !
Bi Enok : Naooon? Sok atuh ka leubeut!
Ceu Empon : Mangga atuh (  kajero)Har gening aya Bi Eneng, Ieu, tudung ti dayeuh ( bari mudalkeun sakabeh eusi keresek na)
Bi Enok : (ngagoderan Mang Entis) Kumaha atuh Kang ?
Mang Entis :(ngaharewos ka Bi Enok) Pan urang teh teu gaduh artos.
Bi Enok : Dupi sabaraha?
Ceu Empon ; Ah murah ! tilu puluh rebuan.
Bi Enok : Maenya sakitu ? Kumaha mun salawe?
Ceu Empon : Salawe kumaha? Ieu teh nya , tos pang mirahna .
Bi Enok : Ti dayeuh mana ieu? ipis, heureut, jeung mahal deuih!
Ceu Empon : Teras....wani piro................ ????
Bi Enok : Moal jadi we ah ! ( bari ngepeskeun tiung dina leungeun na)
Ceu Empon : Har ituh .......??????###### Pikasebelen!!!!!! ( bari juba-jebi , terus ditawarkeun kanu lain)

Sajero ning kitu, datang deui semah anu sigana teh kesel , 
Bi Encum : Sampurasun !
Mang Entis  : ( k tepas) Dinten ieu meni seueur tamu . Timana? Bade kasaha? Asa pangling ! 
Bi Encum : Ah tong sok api api, bari na oge geus wawuh . Manawi bade nagih hutang . ( ketus)
Mang Entis : Oh enya nya yos tanggal .Sanes teu uyahan, tai da kumaha , kantong teh nuju klempes.
Bi Encum : Ah kuring mah teu hayang nyaho . Bari na oge eta mah masalah didinya.
Mang Entis : Atuda ,atuda, atuda , kumaaahaaaa .......????
Bui Encum : Ah seleketeb maneh!

Ceu Empon mah di jero riweuh ngabeberkeun dagangan
Ceu Empon : Geura ieu mah pantes kanggo Bi Eneng , cobian sok!
Bi Eneng : Cing atuh urang cobian.(dicobaan) 
Bi Enung : Euleuh...., bener we gening mantes di Bi Eneng mah, 
Bi Eneng : Wah ...? Nyaan yeuh.......?
Bi Enung : Nyaan! asal..... Bi Eneng na teu jangkung teuing. euheuheu,.....!
Bi Eneng : Ah ibi mah ( ngalaan deui tiung anu keurdi pake)
Ceu Empon : Sok atuh di Bi Enung ! Sakalian tah jeung shal na . Pupados haneut . 
Bi Enung  : Mangga atuh . ( dicobaan) 
Ceu Empon : Tah mun di Ibi mah mantes.Mangga opat puluh linma rebueun tah
Bi Enung : Mahal atuh Ceu....!


keur loba ngaluarkeun alesan , aya deui semah ka Mang Entis

Ceu Entin : Punten ! Manawi leres ieu bumi na Mang Entis?
Mang Entis : Muhun leres , aya naon nya ?
Ceu Entin : Ieu, bade masihkeun rantang kanggo Bapa sakulaargi.
Mang Entis: Ditampi atuh. liren heula atuh !

Nu nganteran ngaleos teu basa basi.

Mang Entis : Bi Encum hayu ah uarang kalebet heula atuh! 

 Bi Encum tulusna mah ngilu ka jero 

Mang Entis : (murak rantang)
Bi Enok : Euleuh........gening ieu teh aya acar bomnteng , ulukutek, sambel tarasi, goreng tempe, goreng hayam, jeung aya poge sangu koneng. Sigana cekap, Bi Encum sambel tarasi, Bi Enung acar bonteng, Ceu Empon ulukutek , Bi Eneng goreng tempe, sangu koneng jeung gpreng hayam na mah kanggo abdi jeung caroge.
Bi Eneng : Euleuh....eta Bi Enok............(dipotong omonganna)
Ceu Empon : Pikasebelen!
Bi Enung : Abong srmah ngan dibere acar bonteng.
Bi Encun : Leuheung acar bonteng , kuring mah sambel tarasi. Hutang loba wani-wani mere sambel tarasi.

Teu kungsi satengah jam, kabeh geus bareres dahar,
apekteh datang deui anu nganteran
 Ceu Entin : Punten ! 
Mang Entis : Mangga! Bade naon deui? bade masihan deui?
Ceu Entin : Sanes, malihan mah bade nyandak deui rantang anu tadi. saleres na mah eta teh kanggo Mang Entis Pa RT.
Bi Encum : Oh saleresna teh kangge abdi sakulawargi? ari kuring ngan kabagean sambel tarasi. Poko na mah  teu hayang nyaho , kudu digantian!!!!! (ngambek)
Ceu Entin : Kaleresan aya bojona didieu, adayana janteun dua puluh lima rebueun. Abdi mah bade mulang bae.
Bi Encum : Tah lantaran aya genep urang , woyahna kudu lima rebu sewang da kuring mah moal mayar.
Bi Eneng : Ah nyaho kieu mah kaduhung ulin. Di imah ge mani teu make sabun.
Bi Enung : Badi na oge kuring mah rek mondok tadi na oge.
Ceu Empon : Dagang mah teu payus, aditaeun kudu mayar ulukutek lima rebu . Bener- bener sial tah poe ieu mah.
Bi Enok :Tera, hayam goreng abdi.........????????
Mang Entis : Wios we lah da sangu koneng abdi oge bade dibayar. Woyahna we ku Bi Enung bayar! sapuluh rebueun  da kuring mah teu boga duit.
Bi Enung : Ngenah didinya teu ngenah didieu etamah.
Ceu Empon : Tah atuh lima rebu!(bari ketus)
Bi Eneng : Tah atuh lima rebu!
Bi Enung : Tah atuh lima belas rebu. Acar bonteng, goreng hayam, jeug sangu koneng.!

Bi Encum nampaan duit , sanggeus beres tuluy balik 
Teu lila tidinya kadenge bedug magrib, Ceu Empon jeung Bi Eneng baralik ka imahna, sedengkeun B i Enung mah mondok di imah na  Mang Entis.

kawih

Mang entis kasemahan 
tapi teu disuguhan
najan hutang teu lunas
tapi beuteung merengah



sakitu bae drama na  sugan engke  " disambung deui.
.# ari tadi bahasa Indonesia ? wkwkwkwkwk ah adasar Ceu Empon. hehe








 

















Tidak ada komentar:

Posting Komentar